Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Mahakawasa Tapi Tetep Mikirkeun Batur

Mahakawasa Tapi Tetep Mikirkeun Batur

”[Yehuwa] uninga kana bahan asal urang, kaemut yen urang teh saukur lebu.”​—JAB. 103:14.

KAWIH: 30, 10

1, 2. (a) Naon bédana tindakan Yéhuwa jeung tindakan jalma-jalma nu boga kawasa? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

JALMA nu boga kawasa osok ngatur-ngatur atawa nindes batur. (Mat. 20:25; Pan. 8:9) Yéhuwa mah teu kitu! Sanajan Mahakawasa jeung pangkuatna sajagat raya, Mantenna bageur jeung mikirkeun parasaan sarta pangabutuh manusa nu teu sampurna. Mantenna gé apal kalemahan urang, jadi Mantenna moal masihan paréntah di luar kasanggupan urang.​—Jab. 103:13, 14.

2 Dina Alkitab, urang bisa diajar kumaha Yéhuwa mikirkeun umat-Na. Ayeuna, urang rék ngabahas tilu conto: Kahiji, Yéhuwa ngabantu Samuél nu leutik kénéh nepikeun warta hukuman ka Imam Agung Éli. Kadua, Yéhuwa sabar ka Musa nu ngarasa teu mampuh mingpin bangsa Israil kaluar ti Mesir. Tuluy nu katilu, Yéhuwa mikirkeun kaayaan bangsa Israil waktu maranéhna ninggalkeun Mesir. Tina kisah-kisah ieu, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa jeung kumaha carana urang nyonto Mantenna?

MIKIRKEUN PARASAAN BUDAK LEUTIK

3. Samuél ngalaman kajadian nu teu biasa naon dina hiji peuting, sarta pananya naon nu bisa waé kapikir ku urang? (Tingali gambar dina awal artikel.)

3 Ti leuleutik, Samuél geus ngawula di tabernakel. (1 Sam. 3:1) Hiji peuting, basa manéhna keur saré aya kajadian nu teu biasa. * (Tingali catetan handap.) (Baca 1 Samuél 3:2-10.) Manéhna ngadéngé aya nu ngageroan. Disangkana, nu ngageroan téh Imam Agung Éli nu geus kolot. Jadi, manéhna hudang tuluy lumpat nyampeurkeun Éli. Ceuk manéhna, ”Ieu abdi, Bapa teh nyaur?” Tapi, Éli ngajawab, ”Bapa teu nyalukan!” Katilu kalina, Éli engeuh yén nu ngageroan Samuél téh Allah. Jadi, Éli méré nyaho Samuél kudu ngajawab naon. Samuél nurut. Ku naon Yéhuwa teu ngabéjaan ti mimiti yén nu ngageroan téh Mantenna? Alkitab teu ngajelaskeun alesanana. Tapi, bisa jadi Yéhuwa ngalampahkeun hal éta lantaran mikirkeun parasaan Samuél.

4, 5. (a) Basa dipasihan tugas ku Yéhuwa pikeun nepikeun warta ka Éli, naon nu dilakukeun ku Samuél? (b) Tina kisah ieu, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

4 Baca 1 Samuel 3:11-18. Hukum Yéhuwa maréntahkeun budak leutik pikeun ngajénan jalma nu leuwih kolot, utamana nu boga wewenang. (Bud. 22:28; Ima. 19:32) Asa teu kabayang mun saurang budak leutik saperti Samuél nyampeurkeun Éli isuk-isuk tuluy wani nepikeun warta hukuman ti Allah. Alkitab ngajelaskeun yén Samuél ”bingung kumaha ngabejakeunana eta tetenjoanana ka Eli”. Tapi, Éli sadar yén nu ngageroan Samuél téh Allah. Jadi, Éli ménta Samuél pikeun nyaritakeun sakabéhna, ulah aya nu disumput-sumputkeun. Samuél nurut, ”ku Samuel dicaritakeun sabalakana”.

Yéhuwa ngabantu Samuél sangkan leuwih gampang nurut sarta ngajénan Éli

5 Éli teu reuwas kana warta ieu ku sabab saacanna aya ”hiji nabi” nu nepikeun warta nu méh sarua ka Éli. (1 Sam. 2:27-36) Kisah ieu ngajar urang yén Yéhuwa téh bijaksana jeung mikirkeun parasaan batur.

6. Urang bisa diajar naon tina cara Allah nulungan Samuél?

6 Hidep nu ngora kénéh bisa diajar tina kisah Samuél yén Yéhuwa paham kana masalah jeung parasaan hidep. Bisa jadi hidep ngarasa hésé pikeun béda ti batur sapantaran atawa hésé jeung éra ngawawar ka jalma nu leuwih kolot. Hidep bisa yakin yén Yéhuwa hoyong mantuan hidep. Pék ngadoa ka Mantenna, caritakeun sagala parasaan hidep. (Jab. 62:9) Lenyepan tuladan budak ngora nu aya dina Alkitab saperti Samuél. Pék ngobrol jeung dulur saiman nu sapantaran atawa nu saluhureun nu pernah nyanghareupan masalah nu méh sarua. Maranéhna bisa nyaritakeun kumaha Yéhuwa nulungan maranéhna, malah ku cara nu teu kabayangkeun.

MIKIRKEUN PARASAAN MUSA

7, 8. Kumaha Yéhuwa némbongkeun yén Mantenna bener-bener mikirkeun parasaan Musa?

7 Waktu umur Musa 80 taun, Yéhuwa masihan tugas nu beurat pisan, nyaéta ngabébaskeun bangsa Israil ti pangbudakan Mesir. (Bud. 3:10) Bisa jadi Musa reuwas narima tugas ieu ku sabab geus 40 taun manéhna ngan jadi pangangon di Midian. Musa ngomong, ”Abdi teh jalmi batan sakieu. Pimanaeun werat mendakan eta raja sareng ngaluarkeun urang Israil ti Mesir?” Yéhuwa ngayakinkeun Musa, ”Ku Kami tangtu direujeungan.” (Bud. 3:11, 12) Yéhuwa gé jangji yén para kokolot Israil ”tangtu percayaeun” ka manéhna. Tapi, angger wé Musa nanya, ”Nanging kumaha upami urang Israil henteu palercayaeun?” (Bud. 3:18; 4:1) Musa sabenerna ngomong yén Yéhuwa téh bisa salah! Tapi, Yéhuwa sabar ka Musa, malahan masihan kawasa pikeun nyieun mujijat. Numutkeun catetan Alkitab, Musa téh manusa mimiti nu dipasihan kawasa ieu.​—Bud. 4:2-9, 21.

8 Sanggeus éta kabéh, Musa masih kénéh nyieun alesan. Musa ngomong yén manéhna teu pinter nyarita. Jadi, Allah nyarios, ”Kami anu bakal nyebutan piomongeun maneh.” Naha Musa ahirna yakin? Acan, Musa malah ménta Allah ngutus batur keur ngaganti manéhna! Tungtungna Yéhuwa jadi bendu. Tapi, Mantenna tetep mikirkeun parasaan Musa, sarta ngutus Harun pikeun maturan Musa ngomong ka jalma-jalma.​—Bud. 4:10-16.

9. Lantaran Yéhuwa sabar jeung bageur, kumaha Musa jadi pamingpin nu hébat?

9 Tina kisah ieu, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa? Ku lantaran Mahakawasa, Yéhuwa bisa waé ngagunakeun kakuatana-Na supaya Musa sieun tuluy taat. Tapi, Yéhuwa sabar jeung bageur. Mantenna ngayakinkeun hamba-Na nu rendah haté ieu yén Mantenna bakal nyarengan. Naha cara ieu téh hasil? Tangtu! Musa jadi pamingpin umat Allah nu hébat. Manéhna ngupayakeun pikeun lemah lembut jeung mikirkeun parasaan batur, sakumaha Yéhuwa.​—Bil. 12:3.

Naha Sadérék resep mikirkeun batur saperti Yéhuwa? (Tingali paragrap 10)

10. Naon mangpaatna lamun urang mikirkeun batur saperti Yéhuwa?

10 Naon palajaranana keur urang kiwari? Lamun Sadérék saurang salaki, kolot, atawa kokolot sidang, Sadérék boga wewenang ka batur. Ku kituna, penting sangkan Sadérék nyonto Yéhuwa ku cara mikirkeun batur, bageur, sarta sabar ka pamajikan, budak, jeung anggota sidang. (Kol. 3:19-21; 1 Pet. 5:1-3) Lamun Sadérék nyonto Allah Yéhuwa jeung Yésus Kristus, Musa nu Leuwih Agung, Sadérék bakal leuwih gampang dideukeutan jeung ngagedékeun haté batur. (Mat. 11:28, 29) Sadérék ogé bakal jadi tuladan keur maranéhna.​—Ibr. 13:7.

JURU SALAMET NU KUAT TAPI MIKIRKEUN KAAYAAN BATUR

11, 12. Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa sangkan bangsa Israil ngarasa aman waktu kaluar ti Mesir?

11 Aya leuwih ti tilu juta urang Israil nu ninggalkeun Mesir dina taun 1513 SM. Di antara maranéhna aya barudak leutik, jalma-jalma nu geus karolot, jeung nu gering atawa nu cacad. Maranéhna butuh Pamingpin nu perhatian jeung ngarti ka maranéhna. Ku perantaraan Musa, Yéhuwa némbongkeun yén Mantenna téh Pamingpin nu siga kitu. Hasilna, bangsa Israil ngarasa aman sanajan kudu ninggalkeun imah jeung tanah kalahiranana.​—Jab. 78:52, 53.

12 Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa sangkan umat-Na ngarasa aman? Mantenna ngatur bangsa Israil kaluar ti Mesir kalawan tartib ”saperti pasukan tentara”. (Bud. 13:18, Terjemahan Dunia Baru) Lantaran diatur siga kitu, maranéhna bisa ningali yén Allah ngadalikeun kaayaanana. Yéhuwa ogé masihan ”mega” beurang-beurang sarta ”tihang seuneu” peuting-peuting sangkan jadi tanda yén Mantenna nyarengan, nuyun, jeung ngajaga maranéhna. (Jab. 78:14) Bangsa Israil perlu diyakinkeun lantaran aya kajadian nu bakal kaalaman ku maranéhna.

Naon buktina Yéhuwa mikirkeun kaayaan bangsa Israil di Laut Beureum? (Tingali paragrap 13)

13, 14. (a) Naon buktina Yéhuwa mikirkeun kaayaan bangsa Israil di Laut Beureum? (b) Kumaha Yéhuwa némbongkeun yén Mantenna leuwih kuat ti batan urang Mesir?

13 Baca Budalan 14:19-22. Bayangkeun Sadérék aya di dinya bareng jeung bangsa Israil. Sadérék teu bisa ka mamana. Di tukangeun aya pasukan Mesir, di hareupeun aya Laut Beureum. Tuluy, Allah nyieun tindakan. Tihang méga nu biasana aya di hareupeun urang Israil pindah ka beulah tukang, di antara Sadérék jeung pasukan Mesir. Ari ka urang Mesir mégana matak poék, ari ka urang Israil matak caang! Tuluy, Sadérék ningali Musa ngangkat iteukna ka luhureun laut. Hiuk datang angin ti wétan, meulah cai laut jadi dua. Sadérék jeung kulawarga, sarta iinguan Sadérék, bisa leumpang di dasar laut nu geus tuus bareng jeung sakabéh urang Israil kalawan tartib. Sadérék pasti tajub sabab taneuhna teu jeblog atawa leueur, tapi tuus jeung teuas, jadi gampang leumpang di dinya. Hasilna, sakabéhna bisa meuntas, sanajan nu pangboyotna ogé.

14 Baca Budalan 14:23, 26-30. Waktu éta keur kajadian, Piraon nu sombong jeung bodo ngudag Sadérék jeung sakabéh urang Israil. Tuluy, Musa ngangkat deui iteukna ka laut. Cai nu beulah dua téh ngalingkup deui. Piraon jeung pasukanana diteureuy ku laut. Euweuh hiji-hiji acan nu salamet!​—Bud. 15:8-10.

15. Kisah ieu ngajarkeun naon ngeunaan Yéhuwa?

15 Kisah ieu ngajarkeun hal séjén ngeunaan Yéhuwa. Mantenna Allah nu tartib, ku kituna urang bisa ngarasa aman. (1 Kor. 14:33) Saperti pangangon nu nyaah jeung ngajaga domba-dombana, Yéhuwa ogé ngajaga umat-Na. Mantenna mastikeun yén maranéhna aman ti musuh-musuhna. Ieu nguatkeun kayakinan jeung ngalilipur urang lantaran urang geus beuki deukeut ka ahir dunya ieu.​—Sil. 1:33.

16. Naon mangpaatna lamun urang mikirkeun cara Yéhuwa nyalametkeun bangsa Israil?

16 Kiwari, Yéhuwa tetep ngajaga umat-Na sabagé kelompok, boh sacara rohani boh sacara fisik. Mantenna bakal terus ngajaga umat-Na dina mangsa cilaka nu beuki deukeut. (Wahyu 7:9, 10) Jadi, teu sual ngora kénéh atawa geus kolot, séhat atawa cacad, umat Yéhuwa moal bakal bingung jeung sieun pas mangsa cilaka. * (Tingali catetan handap.) Malah sabalikna, maranéhna bakal inget kana kekecapan Yésus, ”Ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.” (Luk. 21:28) Sanajan maranéhna bakal diserang ku Gog, kumpulan bangsa-bangsa nu leuwih kuat ti batan Piraon, umat Allah yakin yén Yéhuwa bakal nangtayungan maranéhna. (Yeh. 38:2, 14-16) Ku naon? Sabab Yéhuwa teu pernah barobah. Mantenna bakal ngabuktikeun yén Mantenna téh Juru Salamet nu perhatian jeung nyaahan.​—Yes. 26:3, 20.

17. (a) Naon mangpaatna lamun urang diajar tina kisah-kisah Alkitab ngeunaan Yéhuwa nu merhatikeun umat-Na? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Artikel ieu geus ngabahas kisah-kisah ngeunaan Yéhuwa nu bageur jeung resep mikirkeun batur. Éta katingali waktu Mantenna ngajaga, ngabingbing, jeung nyalametkeun umat-Na. Bari ngalenyepan kisah-kisah ieu, pék diajar hal-hal nu anyar ngeunaan Yéhuwa ku cara néangan rincian-rincian nu teu kapikirkeun saacanna. Beuki loba Sadérék diajar ngeunaan sipat-sipat Yéhuwa, kanyaah jeung iman Sadérék ka Mantenna bakal beuki kuat. Dina artikel saterusna, urang rék diajar carana nyonto Yéhuwa dina merhatikeun batur boh di kulawarga boh di sidang boh dina palayanan.

^ par. 3 Ahli sajarah Yahudi nu ngaranna Yoséfus nyebutkeun yén harita téh umur Samuél 12 taun.

^ par. 16 Asup akal pikeun nyimpulkeun yén aya jalma-jalma cacad nu salamet ti Armagédon. Waktu Yésus di bumi, anjeunna nyageurkeun jalma-jalma nu katerap ”rupa-rupa kasakit”, atawa cacad. Éta nunjukkeun naon nu bakal dilampahkeun ku anjeunna pikeun jalma-jalma nu salamet ti Armagédon. (Mat. 9:35) Jalma-jalma nu dihirupkeun deui bakal miboga awak anu séhat.