Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ayeuna Jam Sabaraha?

Ayeuna Jam Sabaraha?

KUMAHA lamun Sadérék hayang nyaho ayeuna jam sabaraha? Sadérék bisa waé ningali arloji atawa jam dinding tuluy ningali ayeuna téh sajam jeung 30 menit liwat ti tengah poé. Kumaha lamun aya babaturan nu nanyakeun, ”Ayeuna téh jam sabaraha?”

Jawabanana gumantung di mana pamatuhan Sadérék. Misalna, Sadérék bisa waé ngomong, ”Jam 1.30” atawa ”Jam 13.30.” Di sababaraha daérah aya nu ngomong, ”Jam satengah dua,” nu hartina 30 menit saacan jam dua.

Kumaha jalma-jalma di jaman Alkitab nyebutkeun waktu? Maranéhna boga leuwih ti hiji cara. Kitab-Kitab Ibrani osok nyebutkeun ”poek keneh”, ”beurang”, ”tengah poe”, jeung ”pasosore”. (Kaj. 8:11; 19:27; 43:16; Pam. 28:29; 1 Rja. 18:26) Tapi sakapeung, Alkitab nyebutkeunana ku cara nu leuwih rinci.

Di Israil kuno, geus umum aya tukang jaga, utamana peuting-peuting. Urang Israil ngabagi peuting jadi tilu bagian, nu disebut giliran jaga. Hakim 7:19 nyebutkeun aya tukang jaga nu ’digilir memeh tengah peuting’. Di jaman Yésus, urang Yahudi ngabagi peuting jadi opat giliran jaga, sarua jeung urang Yunani sarta urang Rum.

Injil sering nyebutkeun giliran-giliran jaga ieu. Misalna, Yésus leumpang dina cai nyampeurkeun murid-muridna nu keur aya dina parahu ”dina giliran jaga nu kaopat”. (Mat. 14:25, ctk. Terjemahan Dunia Baru [NW]) Yésus ogé méré ibarat, ”Lamun nu boga imah nyahoeun dina giliran jaga mana bangsat bakal datang, manéhna tangtu moal saré supaya imahna teu kabongkaran.”​—Mat. 24:43, ctk. NW.

Yésus nyebutkeun opat giliran jaga waktu ngomong ka murid-muridna pikeun waspada sabab maranéhna ”moal nyaho iraha pibalikeunana eta dunungan, boa pabuburit, boa tengah peuting, boa subuh, boa isuk-isuk”. (Mar. 13:35) Giliran jaga nu kahiji, nyaéta ”pabuburit”, ti panonpoé surup nepi ka jam salapan peuting. Nu kadua, giliran jaga ”tengah peuting”, nyaéta ti jam salapan peuting nepi ka tengah peuting. Giliran jaga nu katilu, nyaéta ”subuh”, atawa waktu ”hayam kongkorongok”, ti tengah peuting nepi ka jam tilu subuh. Dina peuting Yésus ditéwak, bisa jadi hayam kongkorongok pas giliran jaga ieu. (Mar. 14:72) Giliran jaga nu kaopat téh ”isuk-isuk” nyaéta ti jam tilu nepi ka panonpoé medal.

Jadi, sanajan jalma-jalma di jaman baheula teu boga arloji atawa jam dinding siga kiwari, maranéhna boga cara pikeun nyebutkeun waktu.