KAWIH 117
Mekarkeun Kahadéan
-
1. Nun Yéhuwa di sawarga,
Allah nu hadé lampah,
Mahasuci tur satia
Ka sadaya umat-Na.
Pangampura Ama limpah
Ka manusa nu dosa.
Mung ka Ama, abdi nyembah
Sarta reueus ngawula.
-
2. Sipat kahadéan Ama
Diconto umat Ama,
Nyata dina lalampahan
Jeung dina pangwawaran.
Pangajaran nu sajati
Nyebar ka tungtung bumi.
Roh suci Ama ngabantu
Mekarkeun kahadéan.
-
3. Mugi Ama ngaberkahan
Kabéh upaya abdi
Ngalampahkeun kahadéan
Pikeun dulur saiman.
Di sidang, di kulawarga,
Sarta ka jalma-jalma,
Mugia abdi tiasa
Milampah kahadéan.
(Tingali ogé 2 Bab. 6:41; Jab. 103:10; Mar. 10:18; Epe. 5:9.)