KAWIH 67
Pék Émbarkeun!
-
1. Allah masihan paréntah,
Tangtu ieu kudu dipilampah.
Hak istiméwa pikeun urang
Nerangkeun harepan nu gumilang.
(REFREIN)
Pék émbarkeun
Sangkan pada tarerang!
Émbarkeun,
Ahir geus téréh datang.
Émbarkeun,
Bantu nu rendah haté.
Émbarkeun,
Kabéh nagri.
-
2. Kasusahan bakal datang,
Urang bakal dihina, ditangtang.
Najan ngawawar henteu gampang,
Andelkeun Yéhuwa, Allah urang.
(REFREIN)
Pék émbarkeun
Sangkan pada tarerang!
Émbarkeun,
Ahir geus téréh datang.
Émbarkeun,
Bantu nu rendah haté.
Émbarkeun,
Kabéh nagri.
-
3. Mangsa tenang bakal datang,
Ngajar batur jadi tugas urang.
Jalan kas’lametan uarkeun;
Nami Yéhuwa sing dimulyakeun.
(REFREIN)
Pék émbarkeun
Sangkan pada tarerang!
Émbarkeun,
Ahir geus téréh datang.
Émbarkeun,
Bantu nu rendah haté.
Émbarkeun,
Kabéh nagri.
(Tingali ogé Mat. 10:7; 24:14; Ras. 10:42; 1 Pet. 3:15.)