Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar—Vidéo

Pék tingkatkeun kamampuh dina maca jeung ngajar.

PALAJARAN 1

Kecap Panganteur nu Alus

Kumaha carana supaya batur daék ngadéngékeun omongan Sadérék?

PALAJARAN 2

Wajar Tapi Sopan

Kumaha carana supaya batur jongjon ngadéngékeun Sadérék?

PALAJARAN 3

Ngagunakeun Pananya

Kumaha Sadérék bisa ngagunakeun pananya pikeun ngajak batur mikir, ngajaga minat batur, jeung nandeskeun hal-hal nu penting?

PALAJARAN 4

Panganteur Saacan Maca Ayat

Kumaha Sadérék bisa nyiapkeun pikiran batur supaya manéhna bisa meunang mangpaat tina ayat-ayat Alkitab nu rék dibaca?

PALAJARAN 5

Maca kalawan Taliti

Kumaha carana maca ku sora nu tarik percis sakumaha nu ditulis?

PALAJARAN 6

Ayat Dijelaskeun

Naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék waktu maca ayat jeung sanggeus maca ayat sangkan hadirin ngarti ku naon ayat éta dibaca?

Bener jeung Bisa Dipercaya

Kumaha carana supaya Sadérék teu salah nepikeun bebeneran?

PALAJARAN 8

Ngajar Maké Ibarat

Kumaha Sadérék bisa nyonto Guru nu Agung dina ngagunakeun ibarat?

PALAJARAN 9

Alat Bantu Visual nu Cocog

Kumaha Sadérék bisa ngagunakeun gambar jeung alat bantu visual séjénna sangkan batur ngarti palajaran pentingna?

PALAJARAN 10

Modulasi

Kumaha carana ngagunakeun modulasi pikeun nepikeun bahan leuwih jelas jeung ngageuing parasaan batur?

PALAJARAN 11

Sumanget

Kumaha Sadérék bisa ngajurung batur pikeun nyieun tindakan?

PALAJARAN 12

Némbongkeun Kanyaah jeung Rasrasan

Kumaha carana némbongkeun kanyaah jeung rasrasan ka batur?

PALAJARAN 13

Mangpaatna Dijelaskeun

Kumaha Sadérék bisa ngabahas topik sangkan batur paham mangpaatna jeung kageuing pikeun ngalarapkeunana?

PALAJARAN 14

Topik Utama Ditandeskeun

Lamun topik-topik utamana ditandeskeun, hadirin bakal leuwih gampang pikeun merhatikeun, paham, jeung inget kana hutbah urang.

PALAJARAN 15

Nepikeun Bahan kalawan Yakin

Kumaha Sadérék bisa ngomong kalawan yakin waktu keur hutbah atawa keur dines?

PALAJARAN 16

Ngagedékeun Haté jeung Positif

Tilu hal naon nu kudu dilakukeun sangkan obrolan urang teu teterusan ngabahas masalah, tapi ngabahas cara ngaréngsékeunana jeung ngagedékeun haté?

PALAJARAN 17

Gampang Kaharti

Sangkan batur ngarti naon nu dicaritakeun ku Sadérék, naon nu ulah dilakukeun?

PALAJARAN 18

Méré Informasi nu Anyar

Kumaha carana ngageuing pikiran batur sangkan manéhna ngarasa geus diajar hiji hal nu aya paédahna?

PALAJARAN 19

Ngageuing Haté

Kumaha carana ngajurung batur pikeun ngalakukeun nu bener?

PALAJARAN 20

Panutup nu Alus

Waktu nepikeun hutbah atawa keur dines, kecap panutup urang kudu kumaha?

Tingali ogé

BUKU & BROSUR

Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar

Publikasi ieu dirancang pikeun ngabantu Sadérék leuwih tarampil dina maca, hutbah, jeung ngajar.