Vidéo Panganteur Buku-Buku Kitab Suci
Katerangan singget ngeunaan unggal buku Kitab Suci.
Panganteur Buku Kajadian
Buku Kajadian nyaritakeun sajarah manusa nu mimiti sarta alesan ku naon aya kasangsaraan jeung maot.
Panganteur Buku Budalan
Allah nyalametkeun bangsa Israil tina pangbudakan jeung nyieun maranéhna jadi bangsa nu ngabakti ka Mantenna.
Panganteur Buku Imamat
Tingali kumaha buku Imamat ngajelaskeun sakumaha sucina Allah jeung ku naon ngajaga diri tetep suci téh penting.
Panganteur Buku Bilangan
Perhatikeun pentingna taat ka Yéhuwa dina sagala kaayaan jeung ngahargaan sadérék-sadérék nu boga wewenang.
Panganteur Buku Pamindo
Tingali kumaha Hukum Yéhuwa keur bangsa Israél ngabuktikeun kanyaah-Na ka éta bangsa.
Panganteur Buku Yosua
Hayu tingali kumaha bangsa Israél nalukkeun jeung ngabagi-bagikeun tanah nu dibéré ku Allah.
Panganteur Buku Hakim-Hakim
Ngaran buku ieu téh dicandak tina para hakim nu satia jeung wani, nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun nulungan urang Israél nu ditindes.
Panganteur Buku Rut
Buku Rut téh nyaritakeun ngeunaan saurang randa ngora nu nyaah jeung réla nyieun pangorbanan keur mitohana. Maranéhna duaan diberkahan ku Yéhuwa.
Panganteur Buku 1 Samuél
Perhatikeun sajarah bangsa Israél ti jaman hakim-hakim nepi ka jaman raja-raja.
Panganteur Buku 2 Samuél
Tingali kumaha karendahan haté jeung kasatiaan Daud ngajadikeun manéhna tokoh Alkitab nu kasohor jeung dipikaresep.
Panganteur Buku 1 Raja-Raja
Buku ieu nyaritakeun bangsa Israél dina mangsa jaya pamaréntahan Sulaéman nepi ka mangsana Israél papecah jadi karajaan Israél jeung Yéhuda nu silih mumusuhan.
Panganteur Buku 2 Raja-Raja
Tingali kumaha nu nyembah berhala téh beuki loba di karajaan Israél beulah kalér, tapi jalma-jalma nu ngawula Yéhuwa ku sapinuh haté mah diberkahan ku Anjeunna.
Panganteur Buku 1 Babad
Hayu tingali silsilah Raja Daud sarta kahirupanana ti mimiti anjeunna jadi raja nepi ka maotna.
Panganteur Buku Esra
Yéhuwa tos nyumponan jangji-Na pikeun ngabébaskeun umat-Na ti pangbuangan jeung mulihkeun ibadah sajati di Yérusalém.
Panganteur Buku Nehemia
Buku Nehemia nyakup palajaran penting keur jalma-jalma nu ngawula Yéhuwa.
Panganteur Buku Ester
Kajadian-kajadian tegang di jaman Éster ngayakinkeun urang ayeuna lamun Allah Yéhuwa mampuh nyalametkeun umat-Na ti bahaya.
Panganteur Buku Ayub
Jalma nu ngawula Yéhuwa bakal diuji. Pangalaman Ayub ngayakinkeun urang lamun urang bisa tetep satia jeung ngadukung hak Allah pikeun maréntah.
Panganteur Buku Jabur
Buku Jabur eusina ngabéla wewenang Yéhuwa pikeun maréntah, nulungan nu nyaah ka Mantenna, jeung ngajelaskeun bumi bakal jadi pirdaus liwat Karajaana-Na.
Panganteur Buku Siloka
Téangan bingbingan Allah pikeun kahirupan sapopoé, ti masalah dagang nepi ka masalah kulawarga.
Panganteur Buku Pandita
Buku Pandita ngajelaskeun hal-hal nu paling penting dina kahirupan sarta ngabandingkeun hal-hal éta jeung hikmat ti dunya ieu
Panganteur Buku Kidung Agung
Cinta sajati mojang Sulam ka hiji pangangon diibaratkeun ”lir muntabna seuneu” Yah. Ku naon?
Panganteur Buku Yesaya
Nubuat di buku Yesaya pasti kajadian. Urang bisa yakin Yéhuwa téh pasti minuhan jangji-Na jeung bakal nyalametkeun urang.
Panganteur Buku Yermia
Sanajan hésé, Yérmia satia ngajalankeun tugasna sabagé nabi. Pikirkeun tuladan manéhna keur urang Kristen ayeuna.
Panganteur Buku Tangis Yermia
Buku Tangis Yermia ditulis ku nabi Yérmia. Buku ieu nyaritakeun duka lara ngeunaan Yérusalém ancur jeung nunjukkeun Allah masihan welas asih ka nu tarobat.
Panganteur Buku Yeheskel
Yéhéskél rendah haté sarta wani ngajalankeun sagala tugas ti Allah, teu sual sakumaha héséna. Tuladan Yéhéskél alus pisan keur urang.
Panganteur Buku Daniel
Daniél jeung batur-baturna satia ka Yéhuwa teu sual kaayaanana. Di ahir jaman, urang meunang palajaran ti tuladan maranéhna sarta nubuat nu kalaksana.
Panganteur Buku Hosea
Nubuat Hoséa téh ngajar urang ngeunaan welas asih Yéhuwa ka jalma-jalma nu tarobat sarta ibadah saperti kumaha nu ditarima ku Mantenna.
Panganteur Buku Yoel
Nabi Yoél ngaramalkeun ngeunaan ”poena PANGERAN” sarta ngajelaskeun carana supaya urang salamet. Sakeudeung deui, ramalanana téréh laksana.
Panganteur Buku Amos
Yéhuwa ngagunakeun lalaki nu rendah haté ieu pikeun ngalakukeun tugas penting. Urang diajar naon tina tuladan Amos?
Panganteur Buku Obaja
Ieu téh buku pangpondokna dina Kitab-Kitab Ibrani. Buku ieu ngamuat harepan jeung jangji yén Karajaan Yéhuwa bakal dijungjung.
Panganteur Buku Yunus
Nabi Yunus daék narima koréksi, ngajalankeun tugasna, jeung diajar ngeunaan kanyaah jeung pangampura Allah. Pangalamanana bakal ngageuing Sadérék.
Panganteur Buku Mika
Nubuat nu diilhamkeun ku Allah ieu bisa nyieun urang leuwih yakin yén Yéhuwa ménta urang ngalakukeun hal nu asup akal jeung mangpaat wungkul.
Panganteur Buku Nahum
Nubuat-Na ngayakinkeun urang yén Yéhuwa ngalaksanakeun kekecapana-Na jeung ngalilipur kabéh jalma nu néangan katengtreman sarta kasalametan dina Karajaana-Na.
Panganteur Buku Habakuk
Urang bisa yakin yén Yéhuwa apal waktuna jeung cara nu panghadéna pikeun nyalametkeun umat-Na.
Panganteur Buku Sepanya
Ku naon urang sakuduna teu mikir yén poéna Yéhuwa téh moal datang?
Panganteur Buku Hagai
Nubuat Hagai nandeskeun pentingna ngutamakeun ibadah ka Allah ti batan kapentingan sorangan.
Panganteur Buku Jakaria
Sababaraha titingalian jeung nubuat bisa nguatkeun umat Allah di jaman baheula. Hal ieu ogé ngayakinkeun urang yén Yéhuwa ngadukung umat-Na jaman kiwari.
Panganteur Buku Malaki
Eusi buku Malaki nyaéta nubuat nu ngajungjung prinsip, welas asih, jeung kanyaah Yéhuwa nu moal barobah. Aya loba palajaran penting ngeunaan kaayaan dina jaman kiwari.
Panganteur Buku Mateus
Tongton vidéo ngeunaan buku kahiji ti opat Injil nu aya dina Kitab Suci.
Panganteur Buku Markus
Buku nu pangpondokna di antara buku-buku Injil. Buku ieu nunjukkeun naon nu bakal dilakukeun ku Yésus waktu jadi Raja Karajaan Allah.
Panganteur Buku Lukas
Naon nu ngalantarankeun Injil Lukas téh unik?
Panganteur Buku Yohanes
Yohanes nyaritakeun ngeunaan kanyaah Yésus keur manusa, tuladanna nu rendah haté, sarta jati dirina sabagé Mésias atawa Raja dina Karajaan Allah.
Panganteur Buku Padamelan Rasul-Rasul
Urang Kristen di abad kahiji upaya pikeun ngajadikeun sagala jalma sabagé murid. Ku maca buku Rasul, Sadérék bakal leuwih réla jeung sumanget pikeun dines.
Panganteur Buku Rum
Bingbingan ti Yéhuwa nu teu beurat sabeulah sarta pentingna boga iman ka Yésus Kristus.
Panganteur Surat 1 Korinta
Dina suratna, Paulus méré naséhat sangkan urang Kristen ngahiji, boga ahlak nu bener, jeung iman kana pihudangeunana nu maot.
Panganteur Buku 2 Korinta
Yéhuwa téh Allah nu negerkeun, nguatkeun, jeung ngalindungan umat-Na.
Panganteur Buku Galata
Surat-surat Paulus ka urang Galata bisa dilarapkeun, boh waktu mimiti ditulis boh di jaman ayeuna. Éta bisa ngabantu kabéh urang Kristen tetep satia.
Panganteur Buku Epesus
Surat nu diilhamkeun ieu nandeskeun tujuan Allah pikeun ngarukunkeun jeung ngahijikeun kulawarga-Na ku jalan Yésus Kristus.
Panganteur Buku Pilipi
Kasatiaan urang waktu aya tangtangan bisa nguatkeun batur supaya tetep pengkuh.
Panganteur Buku Kolosa
Urang bisa nyenangkeun Yéhuwa ku cara ngalarapkeun pangajaran nu ditarima ku urang, silih hampura, jeung ngakukeun tugas sarta wewenang Yésus.
Panganteur Buku 1 Tesalonika
Urang kudu tetep éling sacara rohani, ’nguji sagala perkara’, neneda saban waktu, jeung silih tegeran
Panganteur Buku 2 Tesalonika
Paulus menerkeun pandangan salah dulur-dulur saimanna ngeunaan datangna poé Yéhuwa sarta ngajurung maranéhna tetep pengkuh nyepeng iman maranéhna.
Panganteur Buku 1 Timoteus
Paulus nulis 1 Timoteus pikeun ngajelaskeun pangaturan organisasi keur sidang jeung ngingetan dulur-dulur kana pangajaran palsu sarta bahayana cinta kana duit.
Panganteur Buku 2 Timoteus
Paulus ngajurung Timoteus sangkan sapinuhna ngalaksanakeun palayanan.
Panganteur Buku Titus
Surat Paulus ka Titus ngabahas masalah di sidang-sidang di Kréta jeung méré nyaho sarat pikeun jadi kokolot.
Panganteur Buku Pilemon
Sanajan pondok, surat ieu ngajar urang pikeun rendah haté, bageur, jeung resep ngahampura batur.
Panganteur Buku Ibrani
Ibadah nu dijalankeun ku urang Kristen dumasar kana hal-hal nu jauh leuwih unggul ti batan hal-hal nu katingali, saperti bait atawa kurban sato.
Panganteur Buku Yakobus
Yakobus ngagunakeun misil nu cocog pikeun ngagambarkeun pentingna hirup luyu jeung pangajaran Kristus.
Panganteur Buku 1 Petrus
Buku 1 Petrus ngajurung urang sangkan getol ngawula Allah jeung masrahkeun kabéh kahariwang ka Mantenna.
Panganteur Buku 2 Petrus
Surat Pétrus nu kadua ngajurung urang pikeun satia bari ngadagoan langit anyar jeung bumi anyar.
Panganteur Buku 1 Yohanes
Surat Yohanes ngingetan urang supaya ati-ati ka anti Kristus jeung ngabantu urang nyaho naon nu kudu dipikanyaah jeung nu henteu.
Panganteur Buku 2 Yohanes
Surat 2 Yohanes ngingetan urang pikeun nurut kana paréntah Allah jeung nolak pangajaran palsu.
Panganteur Buku 3 Yohanes
Surat 3 Yohanes ngajarkeun palajaran nu alus ngeunaan resep narima tamu.
Panganteur Buku Yudas
Yudas ngabolékérkeun laku lampah salah jalma-jalma nu hayang ngaruksak sidang.
Panganteur Buku Wahyu
Titingalian-titingalian dina buku Wahyu ngagambarkeun kumaha Karajaan Allah ngawujudkeun tujuana-Na pikeun bumi jeung umat manusa.