Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Acara Pamakaman?
Pandangan urang kana acara pamakaman dumasar kana pangajaran Alkitab, contona:
Lumrah lamun sedih waktu dikantunkeun ku nu maot. Murid-murid Yésus gé sedih waktu dikantunkeun ku nu maot. (Yohanes 11:33-35, 38; Rasul 8:2; 9:39) Acara pamakaman téh lain acara pikeun senang-senang. (Pandita 3:1, 4; 7:1-4) Sabalikna, Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun acara éta pikeun nunjukkeun béla sungkawa.—Rum 12:15.
Nu maot téh teu nyaho nanaon. Alkitab ngajarkeun yén nu maot teu nyaho nanaon jeung geus teu bisa ngabantu atawa nyilakakeun nu hirup. Ku kituna teu sual kumaha budayana, Saksi Yéhuwa moal ngalakukeun adat kabiasaan naon waé nu teu luyu jeung Alkitab. (Pandita 9:5, 6, 10) Misalna, urang moal ngayakeun upacara keur nu maot, méré sasajén, nyarita ka nu maot, jeung ritual séjénna. Urang teu ngalakukeun kabiasaan-kabiasaan éta sabab Alkitab maréntahkeun urang, ”Tinggalkeun jalma anu daroraka, . . . Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis.”—2 Korinta 6:17.
Aya harepan pikeun nu geus maot. Alkitab ngajarkeun yén nu maot bakal dihirupkeun deui, jalma-jalma gé moal maot deui. (Rasul 24:15; Wahyu 21:4) Ku kituna siga urang Kristen abad kahiji, urang moal ngalakukeun tindakan nu némbongkeun sedih kabina-bina siga jelema nu teu boga harepan.—1 Tesalonika 4:13.
Alkitab méré naséhat sangkan urang saderhana. (Siloka 11:2) Saksi Yéhuwa moal ngagunakeun acara pamakaman pikeun ngagul-ngagulkeun harta atawa status sosial. (1 Yohanes 2:16) Urang moal nyieun acara pamakaman nu royal, nu tungtungna kalah ka jadi acara hiburan. Urang gé moal meuli peti mati nu mahal teuing sarta moal maké pakéan nu kaleuleuwihi dina acara pamakaman.
Urang teu maksakeun pandangan urang ka batur. Urang nurutkeun prinsip Alkitab, nyaéta, ”Urang teh kudu nyanggakeun tanggung jawab ka Allah tina kalakuan urang masing-masing.” (Rum 14:12) Tapi mun batur nanya, urang bakal ”hade basana hade tatana” dina ngajelaskeun kapercayaan urang.—1 Petrus 3:15, Sunda Formal.
Siga kumaha acara pamakaman Saksi-Saksi Yéhuwa téh?
Tempat: Lamun kulawarga nu dikantunkeun hayang nyieun acara pamakaman, maranéhna bébas milih tempatna, misalna di Balé Karajaan, di rumah duka, di imah sorangan, atawa di tempat pamakaman.
Acara: Bakal aya hutbah panglilipur pikeun nu dikantunkeun, nu eusina pangajaran Alkitab ngeunaan nu maot jeung harepan dihirupkeunana deui nu maot. (Yohanes 11:25; Rum 5:12; 2 Petrus 3:13) Nu hutbah bisa nyaritakeun sipat-sipat hadé ti nu maot, misalna nyaritakeun tuladan kasatiaan manéhna.—2 Samuel 1:17-27.
Dina acara éta, urang biasana ngawihkeun lagu nu dumasar kana Alkitab. (Kolosa 3:16) Acara ditutup ku doa nu nengtremkeun haté.—Pilipi 4:6, 7.
Biaya: Ibadah urang haratis, teu kudu mayar. Kitu ogé waktu ngayakeun acara-acara agama, kaasup acara pamakaman, urang teu ménta bayaran.—Mateus 10:8.
Hadirin: Jalma nu lain Saksi Yéhuwa bisa datang ka acara pamakaman nu diayakeun di Balé Karajaan. Saperti ka acara ibadah urang, saha waé meunang datang ka acara ieu.
Naha Saksi Yéhuwa meunang datang ka acara pamakaman ti agama séjén?
Unggal Saksi kudu nyieun putusan dumasar kana haté sanubarina nu geus dibingbing ku Alkitab. (1 Timoteus 1:19) Tapi, urang teu miluan acara-acara agama nu teu luyu jeung Alkitab.—2 Korinta 6:14-17.