Sadérék-Sadérék nu Ngarélakeun Diri ka Guyana
”Kacida bagjana lamun bisa ngawula di tempat nu butuh leuwih loba pawarta.” Éta téh parasaan Joshua nu tinggal di Amerika Serikat nu pernah ngawula di Guyana. Loba sadérék séjén ogé boga parasaan nu sarua. Maranéhna bungah ngawula di nagri ieu, nu pendudukna resep diajar Alkitab. a Urang bisa meunang palajaran alus naon ti sadérék-sadérék ieu? Lamun Sadérék ogé hayang ngalayanan di nagri séjén, kumaha pangalaman ieu bisa ngab antu Sadérék?
Ku Naon Maranéhna Daék Pindah?
Saacan pindah ka Guyana, Linél ngawawar di daérah nu jarang digawékeun di nagri asalna, Amerika Serikat. Ceuk manéhna, ”Di kelompok urang aya 20 jalma. Urang ditugaskeun di daérah padésaan di Virginia Barat. Dines jeung gaul bareng sadérék-sadérék salila dua minggu téh ngarobah kahirupan abdi. Abdi jadi beuki hayang sabisa-bisana ngawula Yéhuwa.”
Salaki pamajikan, nu ngaranna Garth jeung Erica, hayang ngawula di nagri séjén. Maranéhna mulai ngarencanakeun pikeun pindah ka Guyana. Naon alesanana? Erica ngajelaskeun, ”Abdi duaan wawuh jeung hiji pasangan nu pernah pindah ka ditu. Maranéhna téh sumanget jeung resepeun ngawula di dinya. Urang duaan ogé jadi kageuing pikeun pindah ka Guyana.” Garth jeung Erica bungah ngawula di Guyana salila tilu taun. Keur maranéhna, tilu taun éta téh ”tugas nu moal bisa dipopohokeun”. Garth ngomong, ”Urang ngarasakeun kumaha resepna dines di nagri séjén téh.” Ahirna, maranéhna miluan Sakola Giléad jeung ayeuna ngawula di Bolivia.
Naon Waé Persiapan Maranéhna?
Prinsip-prinsip Alkitab ngajurung urang pikeun hirup saderhana. (Ibrani 13:5) Urang gé dijurung pikeun ngitung-ngitung heula saacan nyieun putusan gedé dina kahirupan. (Lukas 14:26-33) Éta téh kaasup putusan pikeun pindah ka nagri séjén. Garth nulis, ”Sateuacan pindah ka Guyana, abdi jeung Erica kudu nyaderhanakeun hirup. Éta hartina urang kudu ngajual bisnis, imah, jeung kabéh barang-barang nu geus teu dipaké deui. Butuh waktu sababaraha taun pikeun ngalakukeunana. Urang terus mikirkeun cita-cita ieu. Urang gé indit ka Guyana sataun sakali supaya tékad urang tetep kuat.”
Hal séjénna deui nu kudu dipikirkeun téh ngeunaan napkah. Lamun aturan pamaréntahna ngidinan, sadérék-sadérék nu pindah bisa néangan gawé di nagri tujuan. Aya ogé sadérék-sadérék nu teu kudu néangan pagawéan anyar, sabab pagawéanana bisa digawékeun maké komputer di mana waé. Sadérék-sadérék séjénna balik heula sakeudeung ka nagri asalna pikeun digawé. Salaki pamajikan nu ngaranna Paul jeung Sinead, balik ka Irlandia sataun sakali pikeun digawé. Ku kituna maranéhna bisa ngawula di Guyana salila 18 taun. Malahan sanggeus tujuh taun budak awéwéna lahir gé, maranéhna bisa tetep ngawula di ditu.
Jabur 37:5 nyebutkeun, ”Pasrahkeun hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan.” Christopher jeung Lorissa ti Amerika Serikat sering ngadoakeun cita-cita maranéhna pikeun ngawula di nagri séjén. Tuluy waktu ibadah kulawarga, maranéhna mikirkeun naon nu kudu dilakukeun ngarah pindahanana lancar. Maranéhna nyieun daptar naon waé mangpaat jeung tangtanganana. Keur maranéhna diajar basa anyar téh hésé pisan. Jadi, maranéhna milih pindah ka Guyana nu basa resmina basa Inggris.
Terus, maranéhna ngalarapkeun prinsip di Siloka 15:22, ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.” Maranéhna ngirim surat ka kantor cabang nu ngawaskeun kagiatan di Guyana b. Dina surat éta, maranéhna ngajelaskeun kasang tukang maranéhna jeung iraha maranéhna bisa pindah. Maranéhna ogé nanyakeun layanan kaséhatan, iklim, jeung kabiasaan di ditu. Kantor cabang ngajawab pananya-pananya maranéhna. Kantor cabang gé ngabantu maranéhna supaya bisa ngahubungan badan kokolot di daérah tujuan.
Linel, nu tadi dicaritakeun, ayeuna jadi pangawas wilayah di Guyana. Sateuacan pindah ka ditu, manéhna ngalarapkeun prinsip di Siloka 15:22. Ceuk manéhna, ”Salian nabung, abdi gé ngobrol jeung sadérék-sadérék nu pernah ngalayanan di nagri séjén. Abdi ngabahas hal ieu jeung kulawarga abdi, para kokolot di sidang, jeung pangawas wilayah. Abdi gé maca sagala bahan nu aya dina publikasi ngeunaan ngawula di tempat séjén.”
Loba sadérék nu hayang ngawula di nagri séjén mutuskeun pikeun datang heula ka nagri éta. Ceuk salaki pamajikan nu ngaranna Joseph jeung Christina, ”Basa mimiti ka Guyana, abdi duaan tinggal di ditu salila tilu bulan. Jadi, abdi duaan boga cukup waktu pikeun ningali kaayaan di ditu. Sanggeusna, abdi duaan balik ka imah, méréskeun sagala urusan, tuluy pindah.”
Kumaha Cara Ngabiasakeun Diri jeung Kaayaan Anyar?
Sangkan bisa suksés ngalayanan Yéhuwa di nagri séjén, urang kudu daék ngarélakeun diri sarta daék ngabiasakeun diri jeung kaayaan sarta kabiasaan lokal. Misalna, maranéhna nu asalna ti daérah tiis pindah ka daérah tropis, bakal manggihan rupa-rupa insékta. Ceuk Joshua nu disebutkeun di awal, ”Abdi teu biasa ningal insékta, jaba galaledé di Guyana mah! Tapi, ahirna mah abdi jadi biasa. Lamun urang ngajaga imah urang tetep bersih, insékta gé bakal ngurangan. Urang kudu ngumbah piring kotor, miceun runtah, jeung getol mersihan imah.”
Lamun urang hayang ngabiasakeun diri jeung kahirupan di nagri séjén, éta hartina urang gé kudu ngabiasakeun diri jeung dahareun di ditu sarta diajar cara masakna. Ceuk Joshua, ”Abdi jeung batur sakamar ménta bantuan ti sadérék-sadérék pikeun ngajarkeun cara masak maké bahan lokal. Sanggeus apal cara masakna, abdi duaan osok ngondang sababaraha sadérék di sidang pikeun dahar babarengan. Mani resep pisan, abdi jadi bisa kenal sarta nyobat jeung sadérék-sadérék.”
Ngeunaan kabiasaan lokal, Paul jeung Kathleen ngomong, ”Abdi duaan diajar ngeunaan tata krama jeung cara papakéan di daérah tropis. Ieu téh pangalaman nu anyar. Jadi, abdi duaan kudu rendah haté jeung daék barobah, tapi ulah nepi ka ngalanggar prinsip Alkitab. Ngabiasakeun diri jeung kabiasaan lokal téh ngabantu abdi duaan jadi leuwih raket jeung sidang sarta mawa pangaruh nu alus dina dines.
Naon mangpaatna?
Joseph jeung Christina boga parasaan nu sarua jeung sadérék- sadérék nu pindah ka Guyana. Maranéhna ngomong, ”Berkahna jauh ngaleuwihan tangtangan sarta kasukeranana. Daék nyobaan hal nu anyar sanajan hésé téh, ngabantu abdi duaan paham naon anu pangpentingna. Hal-hal nu baheula dianggap penting ku abdi duaan geuningan geus teu pati penting deui. Unggal pangalaman ngajurung abdi duaan pikeun terus ngawula Yéhuwa sabisa-bisana. Abdi duaan bener-bener ngarasa puas.”
Erica, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Ngawula di nagri nu butuh leuwih loba pawarta téh ngabantu abdi jeung salaki diajar leuwih enya-enya ngandel ka Yéhuwa. Abdi duaan geus ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa nulungan ku cara nu teu kasangka-sangka. Abdi duaan gé jadi beuki deukeut lantaran ngalaman hal-hal nu anyar babarengan.”