”Kajujuran téh Bisa Népa”
Danielle téh salah saurang Saksi Yéhuwa di Afrika Selatan. Waktu di toko kopi, manéhna ningali aya tas nu tinggaleun. Di jero tasna, aya dompét nu eusina duit jeung kartu krédit. Danielle hayang mulangkeunana ka nu bogana. Tapi dina tasna ngan aya ngaran jalmana hungkul, ari alamat jeung nomer teleponna mah euweuh. Jadi manéhna ménta bank supaya bankna nu nelepon éta jalma, tapi gagal. Danielle teu nyerah. Dina éta tas, manéhna manggihan hiji bon nu aya ngaran dokter. Jadi, manéhna nyobaan nelepon ka ditu. Nu ngajawab téh kasirna, manéhna gé daék méré telepon Danielle ka éta jelema.
Éta lalaki reuwas waktu narima telepon. Manéhna dibéjaan Danielle téh manggihan tasna jeung hayang mulangkeunana. Waktu éta lalaki datang, manéhna disambut ku Danielle jeung bapana. Sanggeus éta, Danielle jeung bapana ngajelaskeun ku naon maranéhna daék hésé-hésé néangan éta lalaki. Maranéhna ngajelaskeun yén sabagé Saksi Yéhuwa, maranéhna hayang hirup luyu jeung naséhat-naséhat Alkitab. Éta sababna maranéhna hayang terus jadi jalma nu jujur.—Ibrani 13:18.
Sababaraha jam sanggeusna, éta lalaki ngirim pesen ka Danielle jeung bapana. Manéhna ngahaturkeun nuhun sabab tas jeung dompétna geus dipulangkeun. Eusi pesenna, ”Hatur nuhun pisan aranjeun geus néangan abdi. Abdi seneng pisan bisa panggih jeung aranjeun. Abdi moal poho aranjeun téh meni bageur jeung soméah ka abdi. Ku kituna, abdi hayang méré sumbangan keur aranjeun. Aranjeun téh geus nyieun pangorbanan pikeun ngawula Gusti aranjeun. Ti laku lampah Danielle, kaciri aranjeun téh jalma bener jeung jujur. Sakali deui, hatur nuhun nya. Mudah-mudahan Gusti terus ngaberkahan palayanan aranjeun.”
Sababaraha bulan sanggeusna, bapana Danielle ngobrol deui jeung éta lalaki. Éta lalaki nyarita can lila ieu manéhna keur balanja, terus manggihan dompét nu murag di lanté. Manéhna néangan saha nu bogana. Sanggeus kapanggih, dompétna dipulangkeun. Manéhna ngajelaskeun ku naon manéhna daék mulangkeun éta dompét. Manéhna nyarita manéhna gé karék kaleungitan dompét, tapi aya jalma jujur nu mulangkeunana. Ceuk manéhna, ”Kahadéan jeung kajujuran téh bisa népa ka batur. Hasilna, kahirupan masarakat gé bakal leuwih tengtrem.”