Terus Ngabagikeun Warta Hadé Sanajan Aya Pandémi
Salila pandémi COVID-19, Saksi-Saksi Yéhuwa ngarobah cara maranéhna ngabagikeun warta nu ngahibur tina Kitab Suci ka batur. Saacanna mah, maranéhna ngabagikeun warta ieu ku cara datang ka imah-imah atawa di tempat umum. Tapi ayeuna mah, maranéhna ngabagikeun warta ieu liwat telepon jeung surat. a Loba jalma ngahargaan upaya maranéhna, sarta geus kabukti yén Gusti Yéhuwa ngaberkahan kagiatan ieu. (Siloka 16:3, 4) Hayu tingali pangalaman-pangalaman ti hiji nagri.
Saacan pandémi, Helen rutin ngadatangan saurang awéwé jeung nawarkeun palajaran Alkitab ka manéhna. Tapi éta awéwé teu pernah daékeun. Sapoé saacan lockdown, Helen méré Alkitab jeung buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? ka manéhna. Salila lockdown, Helen nawarkeun deui palajaran Alkitab ka éta awéwé bari ngajelaskeun yén diajarna bisa liwat telepon. Ari pék téh éta awéwé daékeun diajar. Manéhna resep ngabahas Alkitab sarta ménta diajar unggal poé. Manéhna gé rutin miluan acara ibadah Saksi Yéhuwa liwat telepon. Éta awéwé ngajalankeun pangajaran Alkitab dina hirupna, malah mah daék ngabagikeunana ogé ka batur.
Salah sahiji cara ngabagikeun warta hadé téh nyaéta ku ngagunakeun surat. Saksi Yéhuwa dina hiji kelompok nulis surat pikeun ngahaturkeun nuhun ka pulisi-pulisi di daérah éta. Waktu narima surat éta, pulisi-pulisi téh rareuwaseun. Saurang pulisi ngomong kieu ka Jefferson, saurang kokolot dina kelompok Saksi éta, ”Sugan téh Saksi-Saksi Yéhuwa teu resep ka pulisi.” Jefferson ngajelaskeun yén éta téh teu bener. Saking atohna maca surat éta, suratna nepi ka ditapelkeun dina panto asup kantor pulisi. Pulisi séjénna ngomong, ”Surat ieu bakal ngabantu jalma-jalma leuwih ngahargaan upaya urang.”
Edna jeung Ednalyn téh panaratas biasa. b Di imahna téh euweuh Internét, jadi maranéhna teu bisa miluan acara ibadah liwat konferénsi vidéo. Ari tatanggana nu lain Saksi téh bogaeun Wi-Fi. Jadi Edna jeung Ednalyn nanya ka tatangga awéwéna éta, naha meunang maké Wi-Fi manéhna. Maranéhna gé nawarkeun rék milu udunan mayar biaya Internétna. Ari pék téh éta awéwé ngidinan, malah mah embungeun dibayar. Waktu Edna jeung Ednalyn ngajakan manéhna ningali acara ibadahna, manéhna gé daékeun. Ayeuna éta awéwé, hiji budakna, jeung dua incuna, diajar Alkitab jeung rutin datang ka acara ibadah Saksi Yéhuwa.
Saksi-Saksi Yéhuwa di nagri éta gé ngondang tatangga, batur gawé, jeung jalma séjénna ka caramah umum nu diayakeun maké konferénsi vidéo. Ellaine, nu digawé di rumah sakit, mimitina asa-asa ngondang batur gawéna. Manéhna ngarasa sababaraha dokter téh boga pandangan goréng ka Saksi Yéhuwa. Tapi ahirna Ellaine ngondang dokter-dokter di éta rumah sakit liwat SMS. Sanajan kitu, Ellaine masih kénéh asa-asa ngondang sapasang dokter. Sanggeus mikirkeun jeung ngadoakeun hal ieu, Ellaine ngondang maranéhna ogé liwat SMS. Ari pék téh pamajikanana ngabales, ”Jadi Ibu téh ngajakan abdi jadi Saksi Yéhuwa?” Ellaine ngajawab yén caramahna téh keur masarakat umum, lain keur Saksi Yéhuwa hungkul. Isukanana, Ellaine reuwas sabab pasangan dokter éta geus aya dina acara ibadah saacan acarana dimimitian. Ellaine nyarita, ”Saacan acarana enggeusan, abdi meunang SMS kieu ti pamajikanana, ’Kakara ayeuna abdi datang ka acara Saksi Yéhuwa. Acarana alus geuningan. Abdi resep. Hatur nuhun geus ngondang.’”
Ellaine ngondang 20 dokter ka acarana jeung geuningan aya 16 nu miluan. Bari ngutip kekecapan Paulus, Ellaine ngomong, ”Abdi bungah pisan lantaran abdi ’boga kawani’ pikeun ngabagikeun ’warta hadé ti Allah’ ka babaturan di tempat gawé.”—1 Tésalonika 2:2.
Kahirupan salila pandémi téh jadi tangtangan keur kabéh jalma. Tapi Saksi-Saksi Yéhuwa di nagri ieu jeung tempat-tempat séjénna bisa tetep bungah jeung positif lantaran maranéhna resep ngabantu jeung ngahibur batur.—Rasul 20:35.